Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Nining Meida - Dua Saati


Waktu kuring panggih, jeung manéhna
Haté leutik nyarita, aduh manisna
Waktu kuring wawuh, aduh bagjana
Haté nganteur manéhna, aduh éndahna

Babarengan, sauyunan,silih asih saati mihéman
Paheut jangji moal pukah deui
Unggal sabtu soré datang kamanéhna

Waktu kuring wakca kamanéhna
Résmi ngajak tunangan, paheut micinta
Ukur rangkul trésna pikeun jawabna
Kuring eujung manéhna, hiji sa-ati

Waktu kuring panggih, jeung manéhna
Haté leutik nyarita, naon maksudna
Waktu kuring wawuh, aduh dagdigdug
Naha neda mi-asih, aduh can puguh

Babarengan, sauyunan, silih asih
Sapeuting ngahiji, sabtu soré
Sok tagiwur haté, sok ngareup ngareup datang,
tandaning satia

Waktu kedal ucap timanéhna
Ketruk kurasa bagja aduh bungahna
Cipanon kabungah pikeun saksina
Kuring nampa cintana henteu nyalahan
Kuring nampa cintana henteu nyalahan