Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Bungsu Bandung - Galak Timburu


Teu ngarti ku pamajikan
Mun datang ambek ambekan
Nanya ge tara nembalan
Da timburuan

Abdi geus ngadenge beja
Akang teh boga nu ngora
Keur leumpang paduduaan
Ngobrol di jalan

Tong percaya
Duh bungsu da kana beja
Da akang mah
Teu rumasa

Bohong bohong bohong
Bohong kumaha atuh ari anjen
Bohong eta mah enya lah, akang boga deui nu ngora
Ceuk saha eta teh? 
Bukti bukti bukti pokok namah akang
Nya tapi bukti timana atuh

Tatangga loba nu datang
Enggeus mindeng maranggihan
Sok gancang gera serahkeun
Gancang beresan

Tong percaya
Duh bungsu da kana beja
Da akang mah
Teu rumasa

Bohong bohong bohong sulaya akang mah
Aduuh ieu kudu sumpah naon atuh nyai
Hihaah
Hihah hihah weh ah
 
Teu ngarti ku pamajikan
Mun datang ambeuk ambeukan
Nanya ge tara nembalan
Da timburuan

Abdi geus ngadenge beja
Akang teh boga nu ngora
Keur leumpang paduduaan
Ngobrol di jalan

Tong percaya
Duh bungsu da kana beja
Da akang mah
Teu rumasa

Bener akang teh
Bener bener bener ah
Yeuh ulah sok di denge
Teuing batur mah
Can tangtu eta teh
Rek teu keuheul kumaha atuh kang
Da bukti akang teh
Abdi teh nyeuri nyeuri nyeuri
Emang akang geus bukti acan

Tatangga loba nu datang
Enggeus mindeng maranggihan
Sok gancang gera serahkeun
Gancang geresan

Kudu inget
Sumpah akang nu baheula
Da akang mah
Moal sulaya

Teu ngaku boga dosa oge nya, licik
Ah geuleuh