Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Darso - Bulan Nyeungseurikeun


Kunaon teu dijauhan
Godaan kalah dikeukeupan
Ngadon maen api
Ngarajut cinta nu pamali

Maen rasa jeung maen hate
Salingkuh karasa endah
Pikiran kapoekan
Hate jiga kaparabunan

Rasa cinta anjeun
Rasa sayang anjeun
Ngaleor karebut
Cinta saliwat

Bulan nyeungseurikeun
Jiga nu mupuas kuring
Tinggal panon cireumbay
Ngan nyurudcud teu katahan

Bulan ulah ngaleos
Baturan kuring bagadang
Ngararasakeun kanyeuri
Anu nyiksa ngahanteum batin

Bere bongbolong
Bere awahan
Kumaha ngubaran
Peurihna hate

Posting Komentar untuk "[Lirik Lagu] Darso - Bulan Nyeungseurikeun"