Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Domba Kuring - Azmy Z feat Azka Z

Miara domba teh dua
Domba bikang duanana
Ayeuna geus ngalobaan
Ngalobaan aranakan

Ka balad-balad di desa
Ka dulur anu di lembur
Ulah kaget ulah heran
Ulah nanyakeun jaluna

Bisi jadi masalah
Bisi jadi pitnah
Ulah turut campur
Sabab domba-domba kuring

Domba-domba kuring
Diangon-angon ku kuring
Diparaban ku kuring
Anakna ge anu kuring

Domba-domba kuring
Diangon-angon ku kuring
Dimandian ku kuring
Anakna ge anu kuring

Saha jaluna
Mana jaluna
Saha jaluna
Jaluna mah domba adu asal Garut

Posting Komentar untuk "Domba Kuring - Azmy Z feat Azka Z"