Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Yayan Jatnika - Titip Ka Angin


*
Titip ka angin pang nepikeun ka asih
Talatah ka mega pang mawakeun ieu cinta
Ka anjeunna nu ka impi tadi wengi
Nu ka sawang nu ngalangkang unggal beurang

Sok sanajan urang teh nembean tepang
Tapi rasa mika cinta mah tos aya
Kembang kabungah papaes endahna cinta
Ka hariwang penggas na tangkal harepan

#
Ti harita ragrag sumpah
Bade satuhu satia
Bade bela salawasna
Nepikeun ka akhir dunya

-----

**
Titip ka angin pang nepikeun ka asih
Talatah ka mega pang mawakeun ieu cinta
Ka anjeunna nu ka impi tadi wengi
Nu ka sawang nu ngalangkang unggal beurang

Sok sanajan urang teh nembean tepang
Tapi rasa mika cinta mah tos aya
Kembang kabungah papaes endahna cinta
Ka hariwang penggas na tangkal harepan

##
Ti harita ragrag sumpah
Bade satuhu satia
Bade bela salawasna
Dugikeun ka akhir dunya

Ti harita ragrag sumpah
Bade satuhu satia
Bade bela salawasna
Dugikeun ka akhir dunya