Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Darso - Di Maribaya


*
Di maribaya manehna kungsi nyarita
Cenah asih ngarandaka jeung deudeuhna
Najan angin nu lirih leuir datangna
Arek langgeng manehna neundeun cintana

Di maribaya manehna serah teuteupan
Nyukcruk nyuuh pasrah renghap satekadan
Taya daya nu wasa mungpung karepna
Da sok inggis manehna pegat deudeuhna

#
Mangkalisana cenah asih tingtrim lirih
Nu saenyana puguh asih nyari panggih
Lana makalangan
Kuring lempang dina jero pangimpian

Ku maribaya manehna ngambang kabandang
Taya daya pukah tresna saliwatan
Naja diri kakurung aya nu boga
Tapi tetep asih nu boga manehna

**
Di maribaya manehna serah teuteupan
Nyukcruk nyuuh pasrah renghap satekadan
Taya daya nu wasa mungpung karepna
Da sok inggis manehna pegat deudeuhna

##
Mangkalisana cenah asih tingtrim lirih
Nu saenyana puguh asih nyari panggih
Lana makalangan
Kuring lempang dina jero pangimpian

Ku maribaya manehna ngambang kabandang
Taya daya pukah tresna saliwatan
Naja diri kakurung aya nu boga
Tapi tetep asih nu boga manehna

Naja diri kakurung aya nu boga
Tapi tetep asih nu boga manehna