Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Yayan Jatnika - Mega Hideung


Tuh itu layung siga pundung
Ningal urang nu teu satujuan
Naha anjeun bisa robah anu ges pasini
Da bongan anjeun nu menta
Kuring nganteur kahayangna
Anjeun hayang pepegatan

Tuh itu mega ngahalangan
Langit anu rek ngagebray caang
Naha ku teu sangka akhirna geuning beut kieu
Kacinta urang duaan aya nu ngahihileudan
Gogoda eta ka urang

Mega hideung ngalangkangan
Langit ceudeum tanda arek hujan datang

Naha naon anu rek di teang
Kanyaah kacinta keur urang
Meureun kuring heunte ngalayah ku harta
Ukur banda cinta modal anu boga
Jang salira

Teu ngarti na jero pikirna
Yen harta bisa mawa bagja
Loba anu pisah lain kurang harta
Silih nganyahokeun dibutuhkeun cinta
Lain ukur harta anjeun beda pilihanna
Nu di teang geuning harta