Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Hetty Koes Endang - Kadeudeuh


Diteang hayang patepang
Geus lawas urang paanggang
Ngelebat siga kalangkang
Hate anu pinuh ku hariwang

Iraha urang ngajadi
Geus paheut pasini jangji
Micinta panutan ati
Anjeun nu dianti nu dianti

*
Beurang jeung peuting teu genah cicing
Hate geugeut iwal anjeun na hariring
Cimata nu jadi saksina
Batin ceurik ku nalangsa

**
Duh angin duh pangnepikeun
Harewos hate nu kangen
Kadeudeuh katresna ati
Anjeun nu dianti nu dianti

------

Iraha urang ngajadi
Geus paheut pasini jangji
Micinta panutan ati
Anjeun nu dianti nu dianti

*
Beurang jeung peuting teu genah cicing
Hate geugeut iwal anjeun na hariring
Cimata nu jadi saksina
Batin ceurik ku nalangsa

**
Duh angin duh pangnepikeun
Harewos hate nu kangen
Kadeudeuh katresna ati
Anjeun nu dianti nu dianti

Kadeudeuh katresna ati
Anjeun nu dianti nu dianti