Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Doel Sumbang - Lalaki


Lalaki teu beda jeung ucing garong
Teu kaop ningali lauk
Teu di mana teu nu saha
Hayang ngalegleg wae

Lalaki teu beda jeung anjing kampung
Dibere roti jeung susu
Diluar ningali tulang
Hayang ngalamot wae

Sanajan boga kabogoh
Siga ratu kecantikan
Ti luar nempo nu jebleh
Mun teu nyoba panasaran

Lamun nyiar pamajikan
Hayangna anu parawan
Bari manehna sorangan
Urut entog urut hayam

Lalaki 2x anjing kampung
Lalaki 2x ucing garong
Lalaki 2x oray kadut
Lalaki 2x careuh bulan

Lalaki 2x buaya lapar
Lalaki 2x meong congkok
Lalaki 2x kadal menteng
Lalaki 2x super wadul