Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Darso - Halangan Diri


Na kunaon sagala rupa 
Ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha
Kandas pamaksadan

Kamudahan bet ngabalieur
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha naha kunaon

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar ngumbar larangan

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar meni panjang
Sapanjang jalan karéta

Aduh Gusti 2x
Kumaha ngentengeunana
Aduh Gusti 2x
Kumaha ngabebaskeunna

Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Hate anu meurih hate nu ngajerit
kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa
Ampun ampun duh Gusti