Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Yayan Jatnika - Lamunan


Daun kalapa nu oyag katebak angin

Siga gupayna, kawas gupayna nu lawas ilang
Kasawang deui nembongan deui
Asih munggaran nu teu kahontal
Dina lamunan
Mun seg manehna kiwari aya gigireun
Meurenan hate moal tagiwur dirungrung gandrung
Atuh ka mana? Naha di mana?
Ukur ngolebat dina lamunan
Dina lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug waleh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan
Mun seg manehna kiwari aya gigireun
Meurenan hate moal tagiwur dirungrung gandrung
Atuh ka mana? Naha di mana?
Ukur ngolebat dina lamunan
Dina lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug waleh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug waleh teu aya
Kembang-kembang katresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan

Posting Komentar untuk "[Lirik Lagu] Yayan Jatnika - Lamunan"