Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Doel Sumbang - Berenyit

Awéwé barau cikur
Geus darangdan modél zaman Jahilliah
Maké baju teu mararatut
Majarkeun modéren téa
Maké bujal ditempokeun sagala rupa

Lamun ngobrol jeung maranéhna
Aya nu teu apal naon ari mukena
Bari seuri ting cikikik
Unggal peuting ngariung ulin di juru diskotik
Nyiar lalaki ateul

Ditoél (malik noél)
Diciwit (malik, malik nyiwit)
Ditraktir (langsung muir)
Diajak kontan-kontan hayu

Rék dibawa ka mana nya pasrah tumarima
Asal inget cenah kudu puguh itunganana
Awéwé modél kitu naon atuh ngarana
Da gening disebut runtah mah teu narima

Berenyit
Berenyit
Cenah modéren lamun bedegong
Berenyit
Berenyit

Rupa jalma kalakuan bagong
Lamun ngobrol jeung maranéhna
Aya nu teu apal naon ari mukena
Bari seuri ting cikikik
Unggal peuting ngariung ulin di juru diskotik

Nyiar lalaki ateul
Ditoél (malik noél)
Diciwit (malik, malik nyiwit)
Ditraktir (langsung muir)
Diajak kontan-kontan hayu

Rék dibawa ka mana nya pasrah tumarima
Asal puguh cenah éta itunganana
Awéwé modél kitu naon atuh ngarana
Da gening disebut runtah mah teu narima

Berenyit
Berenyit
Cenah modéren lamun bedegong
Berenyit
Berenyit

Rupa jalma kalakuan bagong

Posting Komentar untuk "[Lirik Lagu] Doel Sumbang - Berenyit"