Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

[Lirik Lagu] Darso - Sakur Ngimpi


Saprak anjeun ngaleos
Ngabeubeutkeun duriat
Hirup asa nyungkelik hate mararingis

Saprak anjeun ninggalkeun
Ngararajet cinta urang
Pikiran baluweung pinuh ku emutan

Sagala rasa kabawa anjeun
Saparo nyawa ngilu ka anjeun
Nikmat na hirup leungit teu nyesa 
Teuing ka mana

Letah teu mirasa
Sagala rasa karasa pait
Sare gulang guling hese peureum

Reff :
Kahayang mah ieu teh sakur ngimpi
Anu ngageuingkeun urang
Tina kasombongan diri

Kahayangmah waktu teh ngulang deui
Sabulan anu katukang basa silih keukeupan

Nga heulas kaleungitan
Ngorejat seseblakan
Liek euweuh, lieuk euweuh
Ngagugulung lamunan

Ngareup ngareup sakur ngimpi
Ngareup ngareup anjeun datang
Tiap detik ngan tatanya
Dimana anjeun

Posting Komentar untuk "[Lirik Lagu] Darso - Sakur Ngimpi"